Pages

Sunday 27 September 2015

Cara Ngirangan Kinerja CPU Memory






Sampurasun....!!!

Tiap anjeun muka aplikasi naon wae pasti bakal nambihan kinerja memory cpu sareng prosesor. Komo deui pami spesifikasi pc, notebook, atanapi laptop anjeun teh alit, ariteun aplikasi nu dijalankeuna seueur, efekna pasti beurat (lemot) kana kinerja systemna. 

Ku kitu na simkuring bade ngainformasikeun ka sadayana nu maca ieu postingan cara ngirangan kinerja aplikasi nu aktif dina memory cpu nyaeta nganggo aplikasi "Spider MemManager". Ukuran file na kaetang alit mung 29,5 KB (30.235 bytes). Aplikasi ieu support di windows xp, windows 7, windows 8, windows 8.1 sareng windows 10 bade nu x32/86 atanapi x64 bits. 

Langsung wae......
Carana nyaeta :
1. Download heula aplikasi "Spider MemManager" na didieu.
2. "Join (ekstrak)" ku aplikasi Hjsplit. (punten teu langsung ekstensi rar, kumargi pami file ekstensi na rar teu tiasa di upload)
3. Saparantos kitu ekstrak deui ku aplikasi winrar.
4. Instal aplikasi "CM.exe"
5. Buka desktop jalankeun aplikasina. Icon na sapartos kieu nya :

6. Saparantos aplikasina tampil klik "Clean Memory".

7. Tinggal hasilna...

8. Supados raosmah klik berulang-ulang.

9. Close weh aplikasina


Catetan : pami tos karaos beurat kantun jalankeun deui aplikasi "clean Manager" na.
katakonci rarna tinggal gambar ieu :

Sakitu wae nu ku simkuring tiasa didugikeun. Hatur Nuhun Tos Maca Cara Ngirangan Kinerja CPU Memory Versi Sunda. Mugi janten manfaat kasadayana.
Tong hilap pasihan komentar atanapi saran...

No comments:

Post a Comment