Pages

Sunday 13 September 2015

Cara Milari Akar Pangkat Tilu


Sampurasun....!!!!

Alhamdulillah dina waktos ieu simkuring bade neraskeun perkawis materi dina palajaran matematika. Sateuacana tos di bahasa cara milari akar pangkat dua, ku kituna kumaha pami milari akar pangkat tilu?

Sapartos biasa, cobi tinggal rumus dina tabel di handap ieu :



Supados carana jentre hayu tinggal kana conto :




Katerangana :
Point 1 :
Dua wilangan di payun mangrupi “depan” sedangkeun wilangan nu pangtungtungna mangrupi “akhir”. Conto diluhur nyaeta milari akar pangkat tilu ti wilangan 19683, wilangan “depan” na nyaeta 19 sedangkeun wilangan “akhirna” nyaeta wilangan 3.

Point 2 : 
Saatos kapendak mana wilangan “depan” mana wilangan “akhir” kantun tinggal rumus dina tabel tea. Dina kolom depan (rumus) nu kaasup wilangan 1 teh nyaeta ti wilangan 1, 2, 3, 4, 5, 6, sareng 7. Pami nu kaasup wilangan 2 teh nyaeta ti wilangan 8 dugika 26 (8,9,10 ... 26). Sedangkeun wilangan “depan” nu dipilari teh nyaeta 19. Janten 19 kaasup wilangan 2.
Salajeungna nu janten wilangan “akhir” dina conto teh nyaeta wilangan 3. Pami ninggal dina kolom akhir (rumus) 3 teh samisareng 7.

Point 3 :
Nu dimaksad kelompok “depan” nyaeta wilangan puluhan (pangpayuna) sedangkeun kelompok “akhir” teh mangrupi wilangan satuan (pangakhirna). Janten akar pangkat tilu ti wilangan 19683 nyaeta 27. Bilih teu percanten cobian 273 hasilna sabaraha?  

Sakitu wae anu tiasa ku simkuring dugikeun.
Pami kirang ngartos “acungkeun kana papan ketik tuluy ketik patarosana di komentar”.

Hatur nuhun tos kersa sumping ka ieu postingan.
Hapunten sadaya kalepatanana...

Mugi janten nambihan elmu kanu macana......

No comments:

Post a Comment