Pages

Wednesday 9 September 2015

Cara Milari Akar Pangkat Dua



Sampurasun ...... !!!!!

       Alhamdulillah dina waktos ieu simkuring bade ngabahas perkawis matematika, Materi dina palajaran matematika aya nu di sebat akar pangkat dua (akar kuadrat), ku kitu na simkuring bade ngabejerbeaskeun cara gampilna milari akar pangkat dua (akar kuadrat).
Langsung wae............!!!!!!!!!! 
Cobi tinggal rumusna (tabel) di handap ieu :




Supados carana jentre hayu tinggal kana conto :



Kateranganana :

Point 1
       Milari akar pangkat dua ti 144, nu dimaksad “depan” nyaeta nu pangpayuna pami conto mah angka 1 (di buleudan beureum) sedangkeun nu di maksad “akhir” nyaeta nu pang akhirna pami ninggal conto mah angka 4 akhirna teh.

Point 2
       Tah ayeuna tinggal deui rumus dina tabel di luhur. Angka 1 (ti bilangan conto =144) kaasup kategori 1 (kategori dina tabel) kumargi kategori 1 teh bilangana 1, 2, sareng 3. Sedangkeun akhirana 4 (ti bilangan conto =144) kaasup kategori 2 sareng kaasup kategori 8 (dina tabel kolom "akhir").

Point 3
       Nu dimaksad “depan” mangrupi nilai puluhan, sedangkeun “akhir” mangrupi nilai satuan. Tos kapendak tah ayeuna mah, akar pangkat dua ti 144 teh? ngan 12 atawa 18. Naha bet 2 kitu ? pami aya dua kitu kantun kalikeun sacara manual weh hasil ti 122 sabaraha ? hasil 188 sabaraha? Tuh pan kapendak nyaeta 12.  


Sakitu wae anu tiasa ku simkuring dugikeun.
Pami kirang ngartos “ngacung”. “Eh da ieu dunia maya moal kapendak atuh ngacungna??”
Maksad ngacung teh eta ramo na “acungkeun” kana papan ketik, tuluy ketik patarosana dina komentar. Hehe....

Hatur nuhun tos kersa sumping sareng maca ieu postingan. Mugi janten manfaat ka sadayana.

Hapunten sadaya kalepatanana...

1 comment: